PTS BAHASA SUNDA KELAS X
PENILAIAN TENGAN SEMESTER GENAP - MA ASY- SYARIAH 2022/2023
Sign in to Google to save your progress. Learn more
NAMA *
KELAS *
Required
1. Proses mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa sasaran kalawan ngungkab ma’na jeung gaya basana disebut proses..… *
2. Tarjamahan unggal kecap, dumasar kana runtuyan kecap tina basa aslina disebut tarjamahan … *
3. Saduran nyaeta hasil tarjamahan bebas anu mentingkeun amanat, tapi ngungkarakeunana make kekecapan sorangan. Wandana aya tilu nyaeta… *
4. Metodeu tarjamah nu pas pikeun narjamahkeun puisi nyaeta… *
5. “Pikagimireun! Memang kitu pisan, luyu jeung karepna pangna nepungan.” Tarjamahan kecap “Pigimireun” dina bahasa Indoensia nyaeta…. *
6. “Tebih keneh, Bu? cek Diran, ngareret ka Bu Eni.”Tarjamahan bahasa Indonesia nu pantes tina kalaimah di luhur nyaeta… *
7. Kecap “gédéngeun” sarua hartina jeung…. *
8. Ngasakan kadaharan ku cara ngasupkeun kana jero lebu panas, biasana sampeu, boled, hui disebut… *
9. Ngasakan kadaharan ku cara diseupan atawa dibubuy, samemehna dibungkus heula ku daun cau, disebut… *
10. Tarjamahan kecap “tumorojog” nyaeta…. *
Si Kabayan Meuleum LaukKu bapana. Si Kabayan dititah masantrén di hiji lembur nu rada mencil. Masih kénéh tradisonal pasantrénna téh. Saréna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan. Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana cécémpéh nu diamparan daun cau, terus didalahar babarengan.Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hésé, da sok dibekelan ku kolotna, sarundéng, kéré lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik nu teu jauh ti kobongna sakalian bari néangan suluh keur ngaliwet. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah meunang berenyit, lélé, hurang, jeung lauk sejenna nu kaparengan palid ti balong.Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas sagedé indung leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan ucing. Si Kabayan ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk.“Moal waka dibeuleum bisi babaturan ménta, engké uing moal kabagéan,” ceuk haténa. Atuh baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan.“Can hayang dahar, teu ngarareunah awak,” pokna waktu ditanya kubabaturanana.Réngsé dalahar, babaturanana kalaluar ti kobong rék arulin, Si Kabayan hudang, terus muru hawu. Ngan seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihéésan ucing. Ku Si kabayan ucingna digebah, tuluy mirun seuneu. Sanggeus suluhna ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala céngék ti pipir kobong, diréndos maké uyah dina coét.Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring séng. Si Kabayan muru hawu, leungeun katuhuna nanggeuy piring séng, leungeun kencana nyekel coét. Barang diteang, seuneuna geus pareum kawantu suluhna ngan seeutik, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna téh kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk. Ku Si Kabayan dikoréhan. Kacida pisan heraneunana, sabab beuleum laukna téh aya tilu.“Ti mana hiji deui? Tadi mah meuleumna ngan dua. Babaturan pohoeun kitu? Ah, milik mah timana waé,” ceuk Si kabayan dina haténa.Si Kabayan nyait beuluem anak lauk emas hiji, diasaan , enya lauk, lauk nu hiji beak, Si Kabayan nyait deui lauk nu hiji deui. Diasaan heula, bener lauk. Si Kabayan nuluykeun deui daharna sangu liwetna, mani ngalimed. Ku sabab lapar kénéh, Si Kabayan nyiuk deui sangu, terus nyait beuleum lauk nu katilu. Waktu diasaan, Si kabyan nyengir, sabab rasana haseum jeung bau. “Ucing bangkawarah,” pokna gegelendeng, léos ka cai, kekemuna leuwih ti sapuluh kali.11. Dongeng di luhur ka asup kana dongeng.... *
12. Saha palaku utama dina eta dongeng? *
13. Sabara hiji lauk meunang nyair si Kabayan teh? *
14. Di mana si Kabayan nyair lauk teh? *
15. Dongeng anu nyaritakeun asal muasal ngaran hiji tempat atawa ngaran barang sok di sebut dongeng ..... *
Conto dongeng mite nyaéta.... *
17. Mun di tilik tina palaku jeung caritana kagolong kana dongéng naon, dongéng Lutung Kasarung téh? *
18. Waktu dimana mindeng turun hujan disebut usum… *
19. Usum sasalad hartina…. *
20. Mangsa ngala paré biasana maké étém disebutna usum… *
1. Tarjamahkeun paragrap ieu di handap kana bahasa Indonesia! "Teu kagambarkeun rurupaan jeung adeg-pangadeg nu datangna tumorojog tanpa larapan téh. Ngan ku sarérétan gé, nénjo sorot panonna, teu meunang henteu kuring kudu nyebutkeun; pigimireun!" *
2. Jelaskeun naon nu dimaksud tarjamahan budaya! *
3. Jelaskeun harti kecap-kecap ieu di handap!           a. Usum mamareng                                                             b. Usum nyambut                                                                  c. Usum panén *
4. Tuliskeun téma, palaku, watek palaku, galur, latar jeung amanat tina dongeng “Si Kabayan Meuleum Lauk” *
5. Sebutkeun 3 ciri utama dongeng! *
Submit
Clear form
Never submit passwords through Google Forms.
This content is neither created nor endorsed by Google. Report Abuse - Terms of Service - Privacy Policy