Pertanyaan No 6 s.d 8!
Kampung Mahmud téh
kampung leutik nu perenahna di Désa Mekar Rahayu, Kacamatan Margaasih. Aya di
sisi walungan Citarum. Di dinya aya makam karamat anu disebut “Maqom Mahmud”.
Makam anu ngadegkeun Kampung Mahmud, nya éta Éyang Dalem Abdul Manaf, masih
kénéh rundayan Sunan Gunung Jati (Syarif Hidayatulloh) ti Cirebon.
Nurutkeun carita
rakyat di dinya, Éyang Dalem Abdul Manaf téh anu munggaran nyebarkeun agama
Islam di wewengkon Bandung. Dina nyebarkeun agama Islam, Éyang Dalem Abdul
Manaf dibantuan ku dua urang muridna nya éta Éyang Agung Zainal Arif jeung
Éyang Abdullah Gedug.
Di Kampung Mahmud
teu meunang nanggap wayang sarta tatabeuhan anu maké goong saperti jaipongan.
Mémang taya aturan anu tinulis, ngan upama dirempak cenah sok aya matakna, saperti
keuna ku panyakit, rumah tanggana baruntak, jadi malarat, jeung hal-hal anu
teu hadé liana.
Tatanggapan anu
meunang ditabeuh téh ngan terebang. Terebang sok dipidangkeun dina upacara
kaagamaan saperti Rajaban jeung Muludan. Waditrana saperti genjring,
rupa-rupa ukuranana, diwuwuhan ku dogdog jeung kecrék. Tapi kiwari mah
terebang ogé sok ditanggap di nu hajatan saperti di nu nyunatan atawa
ngawinkeun.
(Dicutat tina
Wiwaha Basa Kelas 9, 2017)