SOAL ASESMEN MADRASAH BASA SUNDA
YAYASAN PENDIDIKAN ISLAM ASY-SYARIAH
MADRASAH ALIYAH ASY-SYARI'AH WALURAN TAHUN PELAJARAN 2022/2023
Sign in to Google to save your progress. Learn more
Nama *
0 points
Nomor Pesrta Ujian *
0 points
Kelas *
Jenis Kelamin *
0 points
Tempat dan Tanggal Lahir *
0 points
Hari & Tanggal Ujian *
Waktu Ujian *

1. Mengapa tak memberi kabar terlebih dahulu?", aku  memaksakan bertanya.

Tarjamahan dina basa Sunda anu paling merenah pikeun kalimah di luhur nyaéta .....

*
2 points

2. Perhatikeun kalimah di handap ieu!

Dewi    :    :"Jauh kénéh teu perjalanan urang téh?, meni asa lapar kieu".

Ayu      :    :"Puguh aya kana sajam atawa dua jam deui lalakon perjalanan urang téh, Wi!"

Dewi    :    "Euleuh, kutan? Hayu atuh urang nyimpang heula ka...... Ampéra, urang

dahar heula wéh".


Istilah dina basa Sunda anu paling merenah pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaéta .....

*
2 points

3. Anu ngabédakeun dongéng jeung wangun karya sastra nu séjénna saperti carpon, novél, drama, atawa sajak, nyaéta ciri utama dongéng mah .....

*
2 points

4. Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér


Ditilik tina eusina, sempalan dongéng di luhur kaasup kana jenis dongéng .....

*
2 points

5. Sakumna kagiatan umumna lumangsung kalawan lungsur-langsar luyu jeung rarancang anu geus dijieun saméméhna. Panitia ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu geus ngarojong kana ieu kagiatan.

 

Ungkara di luhur biasana bakal kapanggih dina salah sahiji struktur laporan kagiatan anu mangrupa .....

*
2 points

6. Dina téks wawancara urang bakal loba manggihan sababaraha unggelan (pernyataan) anu mangrupa opini atawa fakta. Unggelan (pernyataan) di handap ieu anu kaasup kana opini nyaéta .....

*
2 points

7. Gambaran anu karasa, kadangu, atawa katingali dina hiji sajak mangrupa unsur sajak nu disebut....

*
2 points

8. Titénan sajak di handap ieu : Priangan

Mojang lenjang nu hideung santen Diaping srangéngé ti enjing dugi ka sonten Upami wengi dipépéndé bulan ngempur Jungjunan .....

 

Upami dugi ka puput umur Kurebkeun kuring dina pangkonan (dicutat tina Tepung di Bandung)

 

Sinonim tina kecap kurebkeun tina sempalan padalisan sajak di luhur nyaéta .....

*
2 points

9. Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai,nepi ka dina kahirupan urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai, katitén tina ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka, Cicaheum, Cimahi, tiluanana dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur tatanén atawa ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.

 

Kacindekan tina sempalan eusi biantara di luhur nu paling merenah nyaéta .....

*
2 points

10. Bagéan-bagéan dina biantara nu saluyu jeung struktur biantara nyaéta .....

*
2 points

11. Nepikeun aturan dina diskusi kaasup salah sahiji pancén panumbu catur dina bagian .....

*
2 points

12. Runtuyan acara nu pangmerenahna dina hiji acara nyaéta .....

*
2 points

13. Titénan sempalan carita pondok"Putri Jin" di handap ieu !

Putra Aria Wangsagoparana teteg manahna. Anjeunna geus aya deui dina pangcalikanana anu biasa, batu démprak di Gunung Cadas. Jung ngadeg, nyawang kasakuriling bungking. Lapat-lapat kasawang alam paraméan anu kedah disorang ku anjeunna."Aing lain ngan ukur incuna Sunan Ciburang, lain ukur anakna Wangsagoparana, aing téh Wiratanudatar. Haté aing geus teteg, suku aing geus panceg, ngadeg dina tangtungan sorangan. Aing geus sanggup manggul kawajiban, sabab lemahna ayeuna mah geus sadia, nya éta martabat aing sorangan". (CPPJ:47)

 

Ajén-inajén nu bisa dijadikeun pikeun atikan dina kahirupan umat manusa dumasar kana sempalan carpon di luhur diantarana nyaéta .....

*
2 points

14. Nepi ka satengah genep, saréréa dodongkoan kénéh néangan. Si Adé nu ngingetan téh. Ngajak ka

masjid. Tétéhna geus singkil deuih, ngakeup mukena, da sok ngaji di masjid."Asa horéam, hujan waé geuning. Urang berjamaah di bumi waé atuh nya?", kuring ménta kasaluyuan ti saréréa. .....

 

Ditilik tina sempalan eusi carpon di luhur, dumasar kana latar waktuna, kira-kira tokoh kuring dina carita ngajak solat berjamaah téh pikeun ngalaksanakeun solat .....

*
2 points

15. Baca sempalan wacana di handap ieu!

Ngaran kuring Mochammad Iqbal, mindeng dilandi Si Ucing. Bisa jadi lantaran awak kuring leutik, sarta lamun lumpat kacida kesitna. Aya ogé nu ngalandi Jacky Chan ti Cicadas. Jacky Chan téh béntang film silat Hongkong. Naha disasaruakeun jeung Jacky Chan? Cenah mah beungeut kuring rada siga manéhna.

Teuing bener-henteuna mah.

 

Wacana di luhur kaasup kana conto .....

*
2 points

16. Rahmatullah Ading Affandie (RAF). Dina ijasah-ijasah tanda tamat sakola, dina bisluit-bisluit kadinesan, titimangsa dilahirkeun téh ditulis 2 Oktober 1928. Tapi sakapeung dina KTP, dicatet 2 Oktober 1929. Sarua ari tempatna mah di Désa Banjarsari, puseur kota kacamatan. Persisna mah di kampung Cibadak. Perenahna di jajalaneun antara Banjar - Pangandaran.

(Dicutat jeung diropéa tina Urang Banjarsari jadi Inohong di Bojongrangkong k. 1-11)

 

Dumasar kana sempalan téks di luhur, nu kaasup kana unsur-unsur penting dina téks biografi di luhur diantarana nyaéta .....

*
2 points

17. Ramo deukeut indung leungeun, sing tumut kana piwuruk. (curuk)

 

Ditilik tina wangunna, sisindiran di luhur kaasup kana wangun .....

*
2 points

18. Aya dahan aya catang, bawaeun ka sisi jurang. Sanghareupan nu rék datang, pibagjaeun diri urang.

 

Wangun sisindiran di luhur kaasup kana wangun .....

*
2 points

19. Perenahna aya dina ahir carita minangka panutup. Eusina biasana mangrupa titimangsa ditulisna atawa disalinna éta wawacan. Dina bagian ieu, nu nulis ménta pangampura kana sagala rupa kakuranganana, lantaran nu nulis ngarumasakeun loba kahéngkéran/kakurangan.

Unsur wawacan anu ngamuat bagian-bagian ieu disebut .....

*
2 points

20. Carita panjang dina wangun naratif atawa déskriptif, anu dianggit dina wangun pupuh, umumna mibanda unsur struktur nu umum sarta maneuh, disebut .....

*
2 points

21.  Carita rékaan dina wangun lancaran (prosa), kaasup kana karya sampeuran, sarta ukuran caritana panjang jeung galurna ngarancabang disebut .....

*
2 points

22. Unsur intrinsik dina novél nu ngagambarkeun lingkungan (tempat, waktu, atawa suasana) nu ngadasaran lumangsungna hiji kajadian disebut....

*
2 points

23. Ku margi aya korsléting listrik, rupina mah. Da katawisna aya sora bitu sareng ngaburicak tina gardu caket éta ruko téh.

 

Upama ditilik tina eusina sarta dumasar kana unsur 5W + 1H, sempalan eusi warta di luhur kaasup kana bagian .....

*
2 points

24. Salah sahiji unsur 5W + 1H dina néangan informasi pikeun eusi warta téh diantarana nyaéta who (saha waé anu kalibet dina peristiwa atawa kajadian). Ungkara (pernyataan) di handap ieu anu kaasup kana unsur who dina sempalan téks warta nyaéta .....

*
2 points

25. Dumasar kana eusi rumpakana atawa lirikna, kawih aya nu disebut kawih klasik jeung kawih pop. Ciri utama tina kawih klasik biasana rumpakana diwangun ku .....

*
2 points

26. Perhatikeun kalimah di handap ieu!

a)       Dina widang atikan gé deuih, Kampung Mahmud mah rada onjoy dibandingkeun jeung kampung adat séjénna. Malah nu tamat SMA jeung paguron luhur gé aya, najan jumlahna masih keneh bisa kaitung ku ramo.

b)      Kampung nu masarakatna réa kasab kana tani, mébel, jeung nyieun barang-barang rumahtangga tina kai téh, cenah kungsi ngalaman kahuruan dina jaman Jepang. Éta sababna hateup imahna robah jadi maké kenténg, teu maké injuk atawa eurih deui.

c)       Ti puseur kota Bandung mah kaitung deukeut Kampung Mahmud téh, kira-kira 5 km laju ngulon. Bisa ngagunakeun angkot jurusan Tegalega – Mahmud, atawa maké kandaraan pribadi. Merlukeun waktu perjalanan 30 – 45 menit.

 

Susunan struktur dina nulis bahasan tradisi Sunda nu paling merenah dumasar kana ungkara di luhur nyaéta .....

*
2 points

27. Sapuluh taun ka tukang, nu ngajaringjing rantang saban bulan puasa téh masih kénéh balawiri. Ieu

téh kawas geus jadi kawajiban saban bulan puasa. Henteu kauger ku status ékonomi deuih, rék nu boga, rék nu walurat, kudu baé ari ngirim dahareun mah. .....

 

Ningali kana eusi téksna, sempalan téks bahasan tradisi Sunda di luhur biasa disebut ku istilah .....

*
2 points

28. Kampung nu masarakatna réa kasab kana tani, mébel, jeung nyieun barang-barang rumahtangga tina kai téh, cenah kungsi ngalaman kahuruan dina jaman Jepang. Éta sababna hateup imahna robah jadi maké kenténg, teu maké injuk atawa eurih deui.

 

Upama ditilik tina pedaran eusina, sempalan téks bahasan tradisi Sunda di luhur kaasup kana wangun tulisan .....

*
2 points

29. Di handap ieu nu kaasup kana salah sahiji sasaruaan antara carita wayang jeung dongéng nyaéta .....

*
2 points

30. "Duh..... Laksmana,"Déwi Sinta mimiti kedal cisoca."Sakali ieu mah cing turut kahayang aceuk. Susulan Sri

Rama bilih kumaha onam.

 

Ditilik tina sempalan carita wayang di luhur, palaku utama nu ngalalakon dina carita wayang éta téh nyaéta .....

*
2 points

31. Palaku anu ngabogaan watek antagonis dina carita wayang babon Mahabarata nyaéta .....

*
2 points

32. Unsur-unsur nu ngawangun hiji téks résénsi nyaéta .....

*
2 points

33.  Upama urang rék ngarésénsi hiji buku, hartina .....

*
2 points

34. Kusabab pidangkeuneun/tampilkeuneun dina media massa sarta bakal jadi bacaan unggal golongan masarakat, bahasa anu digunakeun dina karangan résénsi kudu .....

*
2 points

35. Bahasan dina karangan résénsi anu eusina mangrupa dadaran anu taliti, ngagunakeun metodeu kaélmuan, sarta ngagunakeun sikep kritis anu objéktif dina nyawang eusi buku kagolong kana résénsi .....

*
2 points

36. Ditulis di awal drama, jadi manggalasastra, dieusi ku katerangan atawa pamanggih pangarang ngeunaan lalakon anu baris dipintonkeun/ disuguhkeun mangrupa istilah dina drama anu disebut .....

*
2 points

37. Kaasup kana salah sahiji wangun karya sastra, drama diwangun ku dua unsur utama pangwangun karya sastra, nyaéta .....

*
2 points

38. Di hiji jalan, pabeubeurang. Sawatara barudak maké saragam SMA keur bukbek bari silih teunggeul, bari marawa rupaning pakarang. Tawuran. Sora mobil. Sora nu patinggorowok. Campuh. Meunang sawatara lila silih serang. Keur kitu kadéngé sirineu mobil pulisi. Nu tawuran kalabur.

 

Di handap ieu, latar kaayan atawa latar suasana anu bisa kagambar dumasar kana prolog drama di luhur nyaéta .....

*
2 points

39. Perhatikeun dialog di handap ieu!

PULISI 1      :    Terus nyampeurkeun barudak.

Ditanya hiji-hiji. Dimimitian ti nu pangkéncana

PULISI 1     :    Silaing saha ngaran ? OHIM           :                  Oh .....

PULISI 1     :    Enya, ngaran silaing saha ? OHIM  :           Oh .....


PULISI 1      :    Beu, nyiar-nyiar piambekeun ieu

mah. Kadéngé henteu bieu déwék nanya ?

OHIM         :    Kakuping , Pa Pulisi

PULISI 1      :    Naha atuh teu ngajawab ? Saha

ngaran ?

OHIM         :    Oh .....

PULISI 1      :    (Keuheul) Astagfirullah ! Sugan

teu hideng budak téh !

 

Tina dialog drama di luhur bisa katingali watek palaku nu ngarana Ohim téh nyaéta .....

*
2 points

40. Wangun tulisan non fiksi nu ditulis dumasar kana data jeung fakta kalawan diwuwuhan ku analisis jeung pamadegan ti nu nulisna disebut .....

*
2 points

41. Titénan sababaraha cutatan artikel di handap ieu!

1) ........ Dina naskah Kuna ieu téh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman

harita.

2)       Aksarana ngagunakeun aksara Sunda Buhun nu disundakeun deui kana basa Sunda ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita taun 1985

3)       Aya naskah Sunda Kuna nu disebat Sanghyang Siksa Kanda’Ng Karesian.

4)       Ieu naskah Kuna téh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 M .

5)       Sanajan kitu éta palanggeran téh tetep gedé gunana pikeun jadi palanggeran tatakrama pamingpin Sunda jaman ayeuna, éta palanggeran téh disebatna Parigeuing .....

 

Susunan kalimah-kalimah di luhur nu paling merenah, sangkan jadi hiji wangun téks artikel nu ngéntép seureuh nyaéta .....

*
2 points

42. Seureuh mangrupa tutuwuhan nu ngarambat, daunna sari lada, sok dipake nyeupah jeung dipake ubar. Sanajan kiwari wanoja nu ngarora langka nyeupah, tapi seureuh masih aya keneh dijarualan di tukang rampe.

 

Upama ditilik tina eusina, paragraf artikel di luhur kaasup kana artikel jenis .....

*
2 points

43Kecap mimitina dina padalisan kahiji dibalénan (diulangi) deui dina kecap mimiti di padalisan katilu, mangrupa ciri utama tina wangun .....

*
2 points

44Titenan sempalan Carita Pantun di handap ieu !

Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda kahyangan, anak déwata cikalna, titisan Guru Hyang Tunggal, seuweu batara di langit, ngabujangga di paradéwata, kasép taya papadana, keur meujeuhkeun teguh. Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa jeung SunanAmbu; ngalingling ngadeuleu maling. Enggeus nganggoraksukan, salin jenengan kana Lutung Kasarung; kasarungku sadulur, kasimpang ku barayana. Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap sinjang, bisi kawiwirangan keur ngawula.

 

Numutkeun kana strukturna, sempalan carita pantun di luhur kaasup kana bagian .....

*
2 points

45. Kocap nagara Pakuan Pajajaran, nagri dikikis ku beusi

dikuta ku waja

dérédés bénténganana agemna kabina-bina agemna mah kabina-bina.

 

Numutkeun kana struktur dina Carita Pantun, sempalan téks di luhur kaasup kana bagian .....

*
2 points

46. Bedas jeung alonna atawa tarik jeung launna sora (tekenan), naék turunna sora (wirahma), sarta panjang jeung pondokna sora (dangka) dina ngedalkeun omongan, disebutna .....

*
2 points

47. Di handap ieu anu kaasup kana rajah bubuka dina carita pantun nyaéta .....

*
2 points

48. Bungsuna para Pandawa Lima téh nyaéta .....

*
2 points

48. Dang Hyang Dorna diangken, diajak bumén-bumén sasarengan di bumi sang Krépa, raka geureuhana di Gajahwaya, di luareun kota Hastinapura.

 

Kecap diangken dina sempalan teks Carita Wayang di luhur ngabogaan harti .....

*
2 points

50. Amanat dina carita Pantun téh, saéstuna sarua jeung amanat anu nyampak dina karya sastra buhun (klasik) ogé karya sastra moderen nu séjénna, saperti dongéng, wawacan, carita wayang, novél, carpon, sajak, jeung drama, nyaéta .....

*
2 points
Submit
Clear form
Never submit passwords through Google Forms.
This form was created inside of Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan PAUD. Report Abuse